“Nyieun kreasi ORIGAMI”
Origami mangrupakeun salah sahiji karajinan ti negara
Jepang, anu dijieun tina kertas kucara di tilep. Origami nyalira mangrupakeun
bahasa Jepang anu ngandung arti “nilep kertas”. Nepi ka ayeuna, Origami tos
kasohor ka sakabeh Negara Dunia husus na di Indonesia nepi ka Jawa Barat.
Origami kasohor kumargi ku cara nga damelna anu babari sareng jantena sae.
Kumargi ku seueurna jenis-jenis karajinan ieu, aya salah
sahiji conto kanggo ngadamel Origami “Moncong Ngegel”, aya oge bahan sareng
alat anu kanggo di siapkeun, kahiji kertas, gunting, lem, sareng pensil warna (
kanggo ngahias). Kanggo cara ngadamelna nyaeta, Kahiji, Jieun kertas jadi segi
opat ukuran 20x20 cm, salajengna tilep jadi dua bagean ti kenca ka katuhu,
Tilep lapisan luhur ka kenca ameh bagian katuhu nepi ka garis tilepan tengah.
Saatos eta, balikeun kertas, tilep lapisan luhur ka kenca ka arah garis tilepan
tengah, tekeun garis lipetan teras buka deui. Ka opat, Tilep sadaya sudut
kertas ka arah garis lipetan tengah nepi rapih, teras lipet bagian katuhu ka
kenca.
Kalima, Tilepkeun kertas ku manggihkeun kadua ujung anu
pendek, buka deui tilepan, teras damel guntingan 1 cm di titik tengan bagean
panjang. Saatos eta, tilep dua guntingan ka hiji sisi, damel ameh tilepan nga
alitan ti bagean sudutna. Salajeungna, Balikeun kertas, terus balikan deui cara
anu sateuacana di sisi anu sabalikna. Tos kitu, Tarik kadua ujung panjang ka
gigir, ameh sudutna bisa papanggih ti bagean payun. Saatos janten, tiasa di
warnaan sareng di gambaran atawa di tambahan aksesoris numutkeun selera.
Sakitu, cara-cara nyieun ORIGAMI “Moncong ngegel” anu
tiasa di damel kusadaya jalmi khususna ku para siswa atanapi siswi di sakola,
kanggo ngahias kelas atanapi pajangan.
1 komentar:
Why is the legal casino open in New Jersey? - Klahomacasinoguru
You can 블랙잭게임 enjoy casino games in casinos and the like on the casino floor. You 이 스포츠 can also play 꽁머니토토 blackjack, craps, slots, video poker, and 1xbet 먹튀 roulette 룰렛 게임 on
Posting Komentar